TANDA-TANDA KEBAHAGIAAN-PELATIHAN MEDIA PENYULUHAN BERBASIS TIK ANGKATAN III
TANDA-TANDA KEBAHAGIAAN
TUGAS PELATIHAN MEDIA PENYULUHAN BERBASIS TIK ANGKATAN III
Disusun Oleh : Asep Nurdin
Sadayana jalmi hoyong hirupna bagja. Moal aya jalmi anu hayang hirup susah jeung sangsara. Ngan ukuran bagja cek umumna manusa nyaeta kabengharan atawa kasejahtreaan dunya. Padahal pikeun jalma anu iman, kabagjaan lain sa ukur di dunya tapi oge kedah ngahontal kabagjaan di ahérat. Sakumha doa anu sok ku urang diaos tiap dinteuna nyaeta :
رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ
"Ya Alloh, pasihan abdi kabagjaan di dunya, sareng kabagjaan di akhérat sareng jauahkuen abdi sadaya tina siksa naraka." (QS. al-Baqarah: 201)
Nu janteun patarosana kumha carana ngahontal kahirupan anu bagja dunya aherat. Aya sababarah tanda-tanda kabagjaan numutkeun para ulama. Salah sawiosna pendapat Syeikh Imam Nawiwi dina kitabna Nashoihul Ibad.
عَلاَمَةُ السَّعَادَةِ أرْبَعَةٌ ذِكْرُ الذنُوْبِ المَاضِيةِ وَنِسْيانُ الحَسَنَاتِ المَاضِيةِ وَنَظْرُهُ إلىَ مَنْ فَوْقَهُ فِي الدّينِ وَنَظْرُهُ إلىَ مَنْ دُونَهُ فِي الدّنيَا
Aya opat tanda-tanda bagja;
Kahiji, dzikrul dzunubil madiyah hartosna nginget-nginget dosa nu geus kaliwat. Maksadna nginget-nginget kana dosa masa lalu sanes hartosna bangga kana dosa anu tos dilakukan. Tapi, ku inget kana dosa masa lalu, sangkan manusa sadar yen manusa bubuluput ku dosa tapi Allah masih nutupan kana dosa-dosa urang. Salajuengna ku inget kana dosa bisa numbuhkuen samngat ngalkukan amal soleh kanggo nutupan dosa-dosa masa lalu..
اِتَّقِ اللهَ حَيْثُمَا كُنْتَ، وَأَتْبِعِ السَّيِّئَةَ الْحَسَنَةَ تَمْحُهَا، وَخَالِقِ النَّاسَ بِخُلُقٍ حَسَنٍ
"Pek geura takwa ka Allah dimana wae anjeun ayana sarta tuturkeun pagawean dosa ku ngalakukan kahadean, niscaya eta bakal mupus kana dosa, jeung pek gera gaul jeung manusa kalawan akhlak anu hade". (HR. Tirmidzi)
Kadua, nis yanul hasanatil madiyah hartosna mopohokeun sagala kasaean jaman baheula. Saha wae jalmina pasti pernah ngalakukan kahadean ka batur. satiap amal kahadean nu pernah dilkonana ulah dugi ka dinget-inget terus komo sampe diungkit-ungkit deui mah.matak ngahapus kana pahalana malahan matak nimbulkuen sifat riya atau hayang kapuji ku manusa. Allah swt ngadawuh :
يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا لَا تُبْطِلُوا صَدَقَاتِكُمْ بِالْمَنِّ وَالْأَذَىٰ كَالَّذِي يُنْفِقُ مَالَهُ رِئَاءَ النَّاسِ
“He jalma-jalma anu ariman, ulah ngaleungitkeun pahala sedekah anjeun ku cara nyebut-nyebutna jeung ku cara nganyenyerikeun (perasaan nu narima), sapertos jalma nu sedekah hartana lantaran hayang ka puji ka manusa.” (QS. Al-Baqoroh: 264)
Katilu, wa nadruhu ila man fauqohu fiddin hartosna Ningali jalma saluhureuna dina urusan agama. Makasadna dina urusan agama jeung aherat, urang kedah ningali ka jalmi anu saluhuran dina amal soleh sareng ibadahna. Supaya jadi pepeling yen amal solhe urang can aya naon2 dibandingkeun saeng ama sohe batur. nya kitu bakal num buheun semnagat knggo berlomba lomba din akahdena.
Dalam ayat lainnya, Allah Ta’ala juga berfirman,
فَٱسْتَبِقُوا۟ ٱلْخَيْرَٰتِ ۚ إِلَى ٱللَّهِ مَرْجِعُكُمْ جَمِيعًا فَيُنَبِّئُكُم بِمَا كُنتُمْ فِيهِ تَخْتَلِفُون
“…..pek geura aranjeun sadaya berlomba dina ngalakukeun kahadéan. Mung ka Alloh aranjeun balik deui, tuluy maparin terang ka aranjeun naon-naon anu ku aranjeun diperselisihkeun (QS. Al Ma’idah: 48)
Kaopat, nadruhu ila man dunahu fiddunya hartosna ningali jalma sahandapeunana dina urusan dunya
Rosululloh shallallahu 'alaihi wa sallam marentahkeun ka urang sangkan ningali jalma-jalma anu sahandapeun urang dina urusan dunya, tujuana sangkan urang jadi jalma anu syukur jeung qana'ah, nyaeta salawasna ngarasa cukup ku nikmat anu dipaparinkeun ku Alloh, oge henteu hasad atawa iri ka batur. Sabab kabeungharan anu sajati nyaeta kabeungharan hate, nyaeta hate anu salawasna sugema ku karunia anu dipaparinkeun ku Alloh. Rasulullah shallallahu 'alaihi wa sallam ngadawuh
لَيْسَ الْغِنَى عَنْ كَثْرَةِ الْعَرَضِ وَلَكِنَّ الْغِنَى غِنَى النَّفْسِ
"Kabeungharan (penting) henteu sareng seueur harta. Tapi kabeungharan (penting) nyaéta haté anu salawasna ngarasa cukup. (Riwayat Bukhari jeung Muslim).
DAFTAR PUSTAKA
Al-Qur’an dan terjemahnya
Syeikh Annawawi al-Bantani, Nashoihul ibad
Ahmad Farid, Thoriqussa’adah, al-Maktabah Ibnu Taimiyah, 1999/1419 EBOOK

Komentar
Posting Komentar